Gelenyu :
Sinom lagu
kapungkur, Sinom pupuh buhun,
Pikeun
ngaguar rasa, rasa Sunda ayeuna,
Sinom lagu
kapungkur, Sinom pupuh buhun,
Pikeun
ngaguar rasa, rasa Sunda ayeuna,
Sinom ....,
Sinom ...., Sinom ...., Sinom,
Sinom ....,
Sinom ...., Sinom ...., Sinom,
Wanda Sekar Irama Merdika
:
Ajén inajén
budaya,
keur ngasah
budi pekerti,
sanajan
geus robah jaman,
sing bisa
ngigelkeun diri,
dina jaman
industri
parigel tur
loba élmu,
kudu ngasah
pangabisa,
jauh tina
tuna diri,
panceg diri
bari iman ka Pangéran.
Wanda Sekar Irama Tandak
:
Mangsana
nyangga budaya,
budaya ibu
pertiwi,
rumawat
budaya Sunda,
na jaman
globalisasi,
mangkadé
ati-ati,
pangaruh
budaya batur,
prak
cangking ajén Ki Sunda,
sangkan
panceg ajén diri,
ngangkat
martabat Ki Sunda sangkan jaya.
makaaasiih liriknya ka wulan,,bermanfaat banget:)
BalasHapuskembali kasih de.. alhamdulillah..
Hapus